menu Home chevron_right
Lirik Lagu Terkini

Lirik Lagu Mawar Bodas – Detty Kurnia

admin | June 22, 2021

Lirik Lagu Mawar Bodas – Detty Kurnia

Judul: Mawar Bodas

Mapay jalan satapak

Ngajugjug ka hiji lembur

Henteu karasa capena

Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap

Hunteu aya keur ngiuhan

Sanajan awak rancucut

Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi

Ka tempat anu di tuju

Rek ngalongok mawar bodas

Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal

Kembang geus aya nu boga

Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna

Teu kapikir ti tadina

Lamun bakal nyeri hate

Hoream teu sudi teuing

Mikiran pipanyakiteun

Mikiran pipanyakiteun [end]

Written by admin

Comments

This post currently has no comments.

Leave a Reply





Newsletter

play_arrow skip_previous skip_next volume_down
playlist_play